Wednesday, June 16, 2010

368 TAUN TATAR GALUH CIAMIS DINA PUISI : Katresna Ti Urang Lembur

WASTA DALEM CIAMIS DINA PUISI
Sanggian AIP SARIPUDIN

Eunteung salira
Na lalakon nu tos kasorang
Galuh Ciamis na galuh salira bakal nanjung
Kukuh tur pengkuh kana jangji
Obahna sarakan Galuh ti waktu ka waktu
Nyaangan tatar Sunda

Karéta bener amanat Wastukancana
Obor pikeun lumampah sabilulungan sajajaran
Moal unggut kalinduan, moal gedag kaanginan
Ajeg panceg keur nanjeurkeun Karatuan Galuh Ciamis
Rempug jukung silih asah silih asih silih asuh
Alloh nu murbéng alam, muga nyarengan léngkah salira


Padépokan Apun Pager Gunung
1 Juli 2010
diterbitkan dalam surat kabar lokal

No comments:

Post a Comment