Wednesday, June 16, 2010

PUISI SUNDA : Dulur

DULUR
Karya AIP SARIPUDIN


Dulur ...
Pangjagakeun taneuh warisan luluhur
Tina pangrobea jeung tarekahna durujana
Geuingkeun turunan urang seuweu siwi ki sunda nu masih morongkol

     Diharudum simbut teu purun
     Sunda padungdung tarung
     Ngayonan sagala kasarakahan

Tumpas saha-saha nu dileka, codeka sing aya tapakna
Lamun sunda geus balik ka asalna
Iuh-iuh tangkal tanjung ngiricikna cai walungan
Sarta hejo lembok geus walatra kasasaban sasana kréta
Kaula mo hariwang mun mulang ka kalanggengan


Karangkamulyan, 02 Juni 2010

No comments:

Post a Comment